Thursday, August 5, 2021

PANGAJARAN BASA SUNDA

        Pangajaran basa Sunda di SMAN 1 Sukaresmi dina pangajaran Sisindiran di kelas XI semester 1. Pangajaran diayakeun di kelas XI IPS. Kalayan model pangajaran Discovery Learning, tur ngagunakeun pamarekan TPACK, pangajaran lumangsung kalayan lancar.

        Di handap ieu mangrupa video pangajaran nu geus dilaksanakeun. Aya tilu siklus, ti mimiti KD 3.2 nganalisis sisindiran, tur KD 4.2 nampilkeun sisindiran.

Video Pangajaran Sisindiran Siklus 1 

Video Pangajaran Sisindiran Siklus 2

Video Pangajaran Sisindiran Siklus 3

        Ngagunakeun pamarekan TPACK, pangajaran sisindiran matalikeun teknologi dina pangajaranana. Peserta didik nampilkeun sisindiran ngaliwatan video anu dikirim kana YouTube. Video nampilkeun sisindiran karya peserta didik bisa diklik ngaliwatan link di handap.

Sisindiran Kelompok 1

Sisindiran Kelompok 2

Sisindiran Kelompok 3

Sisindiran Kelompok 4

        Tina ieu pangajaran peserta jadi leuwih wanter nyarita ngagunakeun basa Sunda. Peserta didik oge leuwih kreatif dina nyieun sisindiran, kolaboratif, gawe bareng jeung babaturan, tur mikir kritis dina nyusun naskah sisindiran sarta ngedit video sisindiran.

Wednesday, August 4, 2021

Wawanohan Kelas XII

Taun ajaran anyar geus datang deui. Kiwari, taun 2021/2022, pikeun silih pikawanoh peserta didik wawanohan ku ngaliwatan Instagram, ku cara ngeusian twibbon nu geus disadiakeun. Ieu hal ngasah kawanter peserta didik.

Sakabeh kelas XII taun pelajaran 2021/2022 ngirim foto wawanohan dina jadwal pangajaran.